Kamis, 27 Januari 2022

Materi B.Sunda

Paguneman

 Paguneman, nyaéta kagiatan nyarita dua arah (dialog). Bisa ogé diartikeun mengungkapkeun perasaan jeung pikiran ka hayang.

Tata karma nu dibutuhkeun: Entong nyaritana urang kudu merhatikeun intonasi. Pasemon (raut wajah atawa mimik). Lengkuh atawa gerak awak. Tata busana. Kita mesti memperhatikeun tata basa juga. Aya tilu jenis tata basa, nyaéta: kasar, loma, jeung lemes

 

Contohna:

Desi: Neng, dupi ari di kampung Eneng pami HUT Bandung sok aya lomba-lomba tara?

Eneng: osok, mung tara sarame dinu sanesna, da nu ngiringanna tara seueuran.

Desi: naha? teu rarame panginten lomba-lombana?

Eneng: ah da nu ngaramekeun mah pamaenna rek sakumaha teu rame lombana ge Des. Panginten teu level ngiringan nu karitu teh.

Desi: muhunnya da pidunya we orang kota mah. Tapi ari saur abdi mah, ngeusi acara HUT Bandung teh mending ku sholawatan sasarengan, maos yasin sasarengan, ngadu'a sasarengan, teras merogramkeun ngarencanakeun Bandung ka hareupna sangkan leuwih alus.

Eneng: muhun ogenya daripada ku hura-hura teu puguh mah, duit hambur, Alloh teu suka, lingkungan bala, alah satuju pisan Des abdi mah.

Biasana Bahasa sunda teh rupi rupi ragam Bahasa nateh misalna : ragam budak biasa dipake bubarudak leutik, Bahasa loma biasana sok di pake dina pergaulan anak muda, basa kasar, Bahasa lemes biasana sok digunaken dina ragam formal missal nateh diango na dina acara, rapat, atanapi tisahandapen ka saluhuren. dina Bahasa sunda aya nu disebut percakapan, tapi sabenernamah percakapan sareng paguneman teh sami arti tapi beda kalimat, mun cek Bahasa Indonesia namah percakapan mun di tarjamah ken kana Bahasa sunda paguneman, tapi orang sunda ge aya anu teu apalen naon-naon nu ngarana paguneman matakan sebatan nana meren di saruaken jeung nu Bahasa Indonesia. Paguneman dina Bahasa sunda rupi-rupi aya nu sifatna saarah, aya nu sifatna dua arah, paguneman anu sifatna saarah nyaeta sapertos pagumuman, khutbah jum’at, jeung sajabana. Paguneman nu sifatna dua arah atanapi dialog rek pajonghok atanapi teu pajonghok, atau percakapan nu sapopoe kuurang di ucapken ka babaturan atau mamah sareng bapak.

Paguneman nyaeta kagiatan ngobrol atawa ngawangkong dua arah, silih tempas atawa tanya jawab. Palaku dina paguneman aya dua urang atawa leuwih, kalimahna mangrupakeun kalimah langsung. Aya dua rupa paguneman, nyaeta paguneman resmi jeung paguneman teu resmi. Conto paguneman resmi saperti sawala atawa diskusi, sedengkeun conto paguneman teu resmi saperti ngawangkong atawa ngobrol jeung babaturan atawa jeung indung bapa.

Dina paguneman aya sababaraha rupa aturan atawa unsur penting anu perlu diperhatikeun sangkan paguneman bisa dilakukan saluyu jeung nu dipikahareup. Unsur-unsur nu penting antara lain nyaeta bentesna sora, luhur handapna sora atawa nu sok disebut lentong, pilihan kecap-kecap anu disaluyukeun jeung lawan nyarita, sarta unsur penjiwaan pikeun mastikeun yen pesen atawa cacaritaan teh bisa nepi kalayan jelas.